Jumat, 28 Desember 2012

Tong kabawa sakaba-kaba


Dipoyok dilebok. Nya kitu tea ai sipat jalma mah. Moal manggih kasampurnaan.
Remen nyalahkeun batur tinimang ngarumas kana kalakuan diri nu sok dipilampah.
Reseup ngadaleuka’an ka batur. Komo sok cupat ngobrolkeun mah geus jadi kalakuan sapopoe jalma nu teu hideung. Padahal sakola geus ka asup luhur.
Didikan agama nya kitu tea pinter ngaji jeung sajabana. Ngan sipat jeung cupat nya moyok nya dilebok mah eta geus tara katinggaleun. Sigana teh lamun teu kitu, asa teu rame alam dunya ceuk maneha nana mah.
Leuheung lamun moyokan bari ngawangun jeung milu meurenahkeun. Ieu mah kadang kala nya moyok nya ngaruksak. Komo bari dipindingan lamun giliran manehan nana nu dipoyok ku batur.
Apanan estuning teu ngahargaan kana awak sorang kalakuan kitu teh.
Puguh na mah. Urang kudu baris milu silih mika deudeuh jeung mika asih ka sasama. Lamun teu kitu, heug aya cawadeun tapi teu bisa moyok baris ngawangun, nya ngajedog wae tong baris loba nyarita komo bari neupi ka jalma na nyeri hateun mah. Tong hayang nyaritakeun ditukangeun deui ongkoh. Repeuh wae lah. Da masing-masing jalma teh rupa-rupa kahayangna.
Cindeukna mah. Tong loba nyarita nu teu mawa kana kabeneran jeung kahadean balarea. Komo baris jeung peupeulekeuk teu pararuguh mah. Estuning siga jalma burung kitu kalakuan teh.
Mangga ah, urang emutan ku sewang-sewang. Tong ngagugu ku hawa nafsu jeung ngagugu ku ngarasa aing pan unjul na. anggeur ai geus ngarandapan sorangan mah, estuning handeuel pan.

by  Ki Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

The World Its Mine