Rabu, 12 Juni 2013

Wilujeng


Wilujeng ngarupakeun salahsahiji kecap dina basa sunda anu hartina ngahaturkeun panghormatan, pangbagea, atanapi pangdeudeul mangrupi dukungan kana salah sahiji kaayaan dina maksud sabenerna keur ngadungakeun kana kasaean. 
Basa Indonesiana mah selamat, Basa Inggrisna congratulation, Mabuhay Basa Tagalogna kade ulah hilap maca u na ditegeskeun sababara harkat ngarah hartina bener, Banzai Basa Jepangna mah, viva vive Basa Romana. Mangsa ayeuna loba pisan nu salah nulis kecap wilujeng teh, jeung nu matak heran leuwih ti heran nu loba salah tulis pernahna di Bandung pisan, puseur basa Sunda. Teu bisa nyalahkeun sasaha lantaran memang kitu kaayaannana. Ngan saukur bisa ngurut dada wae. Salahsahiji bentuk protesna nya ku cara nulis dina blog ieu. Sugan wae aya nu maca jeung mugia aya koreksi supaya jadi balener boh dina cara nulisna, ngalarapkeunnana, atanapi dina ngahartikeunnana.
Ari ceuk kuring mah nulis nu pangbenerna tina kecap wilujeng teh nyaeta w i l u j e n g lain wilujeung. Beda saeutik tina tulisanna  nu salah teh, ngan saukur katambahan huruf u. Tapi hartina jadi pangaruh gede lantaran dina basa sunda mah e jeung eu  beda pisan dina sagala rupana boh cara nulisna macana oge cara ngucapkeunnana.
Wilujeng bisa dilarapkeun kana kaayaan nu pinuh ku pangharepan tur pidua mugia aya dina kaayaan sae, contona wilujeng enjing, wilujeng siang, wilujeng wengi, wilujeng tuang, wilujeng sumping. Aya oge sawatara jalma nu resep heureuy sok ngahaja ngaheureuykeun kecap wilujeng, biasana bari bobodoran atawa dina situasi teu resmi gogonjakan jeung babaturan. Eta kecap wilujeng dirarangkenan ku kecap sejenna nu kira-kira matak pikaseurieun. Contona wilujeng sumpung, wilujeng bingung, wilujeng ngirung, wilujeng ngambung. Harti wilujeng dina kecap larapan ieu pasti robah luar biasa lantaran kecap nu marengan kecap wilujeng geus beda harti oge. Pek teh teuing ngaranna ge basa, kumaha urang nu ngalarapkeunnana. Pokona sing bisa ngalarapkeun ieu basa dina kaayaan nu saestuna. Sing bisa ningali situasi jeung kondisi nu keur dilakonan.
Aya keneh bahan pedareun teh. Ke deui ah .... arek gawe heula

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

The World Its Mine