Rabu, 12 Juni 2013

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok


Aya paribasa sunda ; "bengkung ngariung bongkok ngaronyok" anu hartina, nu kainget ku kuring, lamun aya masalah sakuduna dibereskeun ku cara rereongan, gotong royong. Ari sabenerna mah baheula kungsi ngobrolkeun jeung guru basa sunda basa keur smp, jenengannana hilap deui, cenah paribasa ieu teh nyindiran ka urang sunda nu embungeun ngalumbara ka jauhna neangan kahirupan sejen salian ti nu aya di wewengkon sunda. Naon sababna embung ngumbara? Lantaran kaayaan alam ki sunda nu sakitu camperenikna, rea ketan rea keton, gampang neangan pangupa jiwa. Nyaah pisan mun ditinggalkeun teh komo ngumbara ka luar nagara mah loba pikiran lantaran loba nu dipikainget.
Paribasa ieu sok disasaruakeun jeung paribasa jawa ; mangan ora mangan ngumpul nu hartina sakumaha susahna ge tetep kudu ngumpul ulah kamana mendi. Tapi sabenerna lain eta harti utamana mah, kumpul tetep kudu tapi lain nyaram liar indit-inditan kamana mendi dina harti ngumbara. Prak teangan elmu, teangan kahirupan nu leuwih hade nu leuwih jembar dimana wae ngan tetep kudu inget kana purwadaksina kudu inget kana asal gelar. Nya usahakeun kudu tetep ngalongokan ka bali geusan ngajadi. Longokan atuh paling henteu tiap lebaran, sataun sakali mah kudu ngahajakeun. Paling copelna ngado'akeun.
Komo lamun aya barang keneh barang titinggal kolot atawa masih loba keneh dulur ti sisi ti gigir. Ulah aya pikiran hayang ngajual jaar titinggal karuhun lantaran ngarasa kurang mangpaatna. Mun misalna aya pangaboga kebon teu kaurus lantaran jauh teuing ..... ah antepkeun wae ....... sina jadi leuweung deui oge leuwih hade leuwih utama leuwih mangpaat malah mah keur kahirupan warga nu darumuk di lembur. Ulah ieu mah boga tanah di lembur rek saeutik rek loba hayoh dijualan, euweuh wae kainget mangrupa panghargaan ka kolot nu ngawariskeun nu geus tisusut tidungdung hayang boga pakaya saeutik oge keur ngawaris ka anak. Leuwih hade dihibahkeun dibikeun kitu wae keur kapentingan ummat, bisa dipake keur nyieun mushola, bale warga atawa naon wae nu mangpaat keur kahirupan warga. Masing sakumaha hese beleke hirup di pangumbaraan wayahna ulah boga kereteg ngajualan pakaya warisan ti kolot. Atawa lamun ngarasa susah di pangumbaraan naon hesena atuh balik deui wae ka lembur garap tah pakaya kolot jadikeun mangpaat keur kulawarga. Poma ulah ngarasa gengsi.
Ngaku urang Sunda lain hartina sukuisme nu dikahareupkeun tapi sahenteuna boga rasa reueus geus jadi bagian tina salah sahiji bagian bangsa nu boga pamor. Ulah matak adigung adiguna lantaran jadi urang Sunda nepi ka nganggap handap ka sasama nu beda suku. Kalakuan ka sasama urang Sunda satemenna kudu sarua ka suku sejenna ge salaku manusa nu ngan saukur numpang hirup boh dimana boh dimendi. Kasadaran kitu teh kudu aya dina jero dada nu engkena baris bisa urang nitipkeun diri di lingkungan sabudeureun malah diusahakeun mun bisa mah jadi conto dina kahirupan sapopoe keur suku-suku nu sejenna. Conto nu hade sahade-hadena, ulah malah jadi bibit rurujit biang bancang pakewuh keur lingkungan. Ngerakeun.
Mun pareng boga kabisa omat ulah dijadikeun alat pikeun meres ngagunasika batur. Gunakeun elmu nu dipiboga keur ibadah. Insya Allah rejeki mah Allah SWT nu ngatur. Ulah pisan ngamangpaatkeun elmu keur kapentingan neangan rejeki gede saliwatan tapi engkena baris ngaleungitkeun kasempetan meunangkeun rejeki nu baris ngocor datang. Contona : boga elmu ngahadean radiator mobil, ulah sakali oge ngabobodo jalma nu datang boh tina harga jualna boh tina suku cadang nu diganti atawa jasa servisna. Kudu bener dina harti nu sabenerna. Inget ieu salah sahiji cara promosi oge. Mun urang bener, hasil gawena hade, tangtu jalma nu datang menerkeun radiator teh baris ngajak balad deui nu leuwih loba lantaran ngarasa sugema ku hadena gawe urang.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar

Success is not measured by what you have achieved, but the failures you have faced,
and the courage that makes you keep struggling
against the odds that insistently

Weather

The World Its Mine