Senin, 16 November 2009

Polusi Jangji

Indonesia polusi ku jangji. Jangjina rupa-rupa. Aya nu teu pikahartieun. Aya nu matak hayang seuri. Aya nu pikasebelun. Aya nu teu asup akal. Aya nu jangji rek nurunkeun harga sembako baru jeung teu disebutkeun kumaha carana. Memangna manehna teh rajana tukang dagang sembako? Nu ngagogoreng batur wae aya. Nu api-api jadi jelema soleh oge loba. Pokona, kabeh usaha satekah polah sangkan loba nu kapincut pikeun milih manehna.
Urang memang bangsa nu pohoan. Poho kana nedunan jangji, poho kana nagih jangji. Nu bareto jangji rek itu rek ieu, ngarasa aman, sabab tara aya nu nagih ieuh. Nu matak, rek jangji mah der der bae jangji sataker kebek. Upamana jangji mun kapilih, unggal jelema rek dibagi duit sapuluh juta sewang. Dijamin moal aya nu nagih. Pan bangsa urang mah bangsa pohoan. Nya ieu pisan nu sering dimangpaatkeun ku jelem-jelema nu resep ngumbar jangji sangeunahna.
Taun 2009 ieu, waktuna milih wawakil urang, boh di Parlemen atanapi Presiden jeung Wakil na . Sanajan sok rada heran sabab wakil ra'yat teh behna mah leuwih garinding ti nu diwakilanana. Tapi dalah kitu kanyataanana. Boh kitu boh kieu, mun niat rek milih, nya tinggal milih. Ngan kahade, tina sakitu ratus calon wakil ra'yat teh, lolobana mah tukang tipu. Ulah kagelo ku jangji-jangji aramis waktu kampanye. Sing asak-asak nya tinimbangan, bari ngadu'a ka Gusti Nu Maha Suci sangkan ulah salah pilih. Bismillah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

The World Its Mine