Rabu, 02 Mei 2012

Lalakon .. Hirup..


Lalakon
Mangsa budak resep ulin
ngarucu bulan
Mangsa rumaja resep wanoja
ngumbar asmara
Nincak sawawa narik jangkar
ngambah sagara
Geus kolot mah kari tapakur
isuk sore ngitung umur!


Hirup
Hirup teh cita-cita
Ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh tunggara
upama tresna kalid sulaya
Hirup teh sueneu
Nu ngaduruk lulurung sukma
Hirup teh ibadah
rela ikhlas ngumawula
Hirup teh aci-acining: Bagja!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

The World Its Mine