Selasa, 24 Agustus 2010

Innalillahi wa inna ilaihi roji'un ..

Kasaha deui cimata ieu ngeclak..
Kasaha deui katineung ati ngarasa..
Aya anu leungit,lain anu kaimpenan..
Aya anu datang,lain anu deukeut dipiharep..
Mung Gusti Alloh anu kawasa..
Gusti Alloh nu gaduh sagalana..
Mung kaanjeunNa urang malulih..
Mugia anu kacandak sanes mung saukur layon bodas,tapi oge amal ibadah..
Wilujeng Mulih Ka Jati Mulang Ka Asal..
Mugia ditampi amal Islamna..
Dibray caangkeun alam kuburna..
Diringankeun timbangan dosa perdosana..
Dibeuratkeun timbangan amal solehna..
Amiin.

Dedicated to Alm. Kang Ibing nu ngantunkeun, sadaya urang Sunda dinten Kamis kaping 19 Agustus 2010 tabuh 08:30 PM

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

The World Its Mine