Rabu, 27 Januari 2010

17 Pupuh Sunda ..

  1. Asmarandana: Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
  2. Balakbak: Watekna pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku 3padalisan.
  3. Dangdanggula: Watekna bungah atawa agung. Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
  4. Jurudemung: Watekna kaduhung, atawa hanjakal. Unggal padadiwangun ku lima padalisan.
  5. Durma: Watekna heuras atawa siap rek tarung. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
  6. Gambuh: Watekna bingung, samar polah atawa tambuh laku. Unggalpada diwangun ku lima padalisan.
  7. Gurisa: Watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel. Unggalpada di wangun ku dalapan padalisan.
  8. Kinanti: Watekna miharep atawa prihatin. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
  9. Ladrang: atawa pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku opatpadalisan.
  10. Lambang: Watekna banyol atawa pikaseurieun. Unggal padadiwangun ku opat padalisan.
  11. Magatru: Watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin. Unggalpada diwangun ku lima padalisan.
  12. Maskumambang: Watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
  13. Mijil: Watekna sedih, susah atawa cilaka. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
  14. Pangkur: Watekna napsu, lumampah atawa sadia rek perang. Unggalpada diwangun ku tujuh padalisan.
  15. Pucung: Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan. Unggal padadiwangun ku opat padalisan.
  16. Sinom: Watekna gumbira. Unggal pada diwangun ku salapanpadalisan.
  17. Wirangrong: Watekna era atawa wirang. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

The World Its Mine