Langit teu tembong. Biruna katutup halimun. Tapi sorot panonpoe pasosore maksa seseleket kana sesela mega. Patingbarasat siga sinar laser, patingarudat bijil ti langit, nembus mega, nutug lemah. Ti jauhna ngaguruh sora guludug. Tapi eta mah jauh, di ditu tuh, di lebah pilemburan. Di dieu mah cihujan teh ukur cluk-clak, sakapeung ngeclakna teh mener pisan kana beungeut.
Tapi keclak cihujan teu matak peureus. Malah kalah nungtun ingetan kana miripisna hujan leutik jeung bregna hujan gede katut dordar gelapna. Hate kalah ngarep-ngarep hujan teh masing ngagebret, ulah sakadar miripis. Cuuur… hujan! Sok sakahayang anjeun. Pek kuring guyur nepi ka rancucut!
Na atuh kajadian… gebret teh hujan. Beuki lila beuki gede.
Kuring ngageuleuyeung lalaunan dina motor, nyalse we, da kalah lamunan nu nyemprung teh, miheulaan hujan.
Hujan siga kieu teh bareto mah kacida didago-dagona. Kuring resep ka hujan siga munding resep kana pangguyangan, siga Romeo ka Juliet. Lain kana cur hujanna wungkul ketah, tapi kana caina we deuih. Mana ayeuna ge diantep we awak teh sina jibreg, siga welasan taun ka tukang, jijibregan bari ngudag-ngudag bal.
Bapa neuteup kuring nu keur nenjokeun barudak sejen, babaturan kuring, maenbal di buruan imah kuring. Buruan teh lega da, ukuran satengaheun lapang mengbal. Ari saenyana mah eta tanah teh lain boga kulawarga kuring, tapi buruan sakola, SD, nu kabeneran saampar jeung buruan imah. Tapi geus siga nu kulawarga kuring we. Nya nu kuring we cohagna mah. Atuh pikeun barudak pantaran kuring, arulin di dinya teh kasebutna arulin di buruan kuring, hartina ulin jeung kuring deuih. Mana teu lengkep mun ulin di dinya teu jeung kuring teh. Kaasup mun huhujanan tea.
Saenyana bapa nyaram kuring huhujanan. Sakalimangsa kuring maenbal bari huhujanan. Harita bapa di kantor keneh. Kuring boga rasa, pasti dicarekan mun kaperego.
Enya we. Jam opat bapa datang, ngabaku da, sedengkeun jam sakitu teh maenbal sedeng reresepna. Atuh peutingna kuring dihukum. Tapi lain diteunggeulan bujur atawa dikerem di kamar mandi. Kuring dikudukeun ngapalkeun matematika bari didukdukan ku bapa. Pikeun kuring mah hukuman kitu teh hukuman nu pangdipikasieunna. Kuring sok kacida asa kasiksana mun kudu diajar matematika, bapa ge apaleun. Dina prakna teh tara kurang nepi ka jam satu peuting. Kuring mindeng ceurik lamun dihukum kitu, lain ceuceurikan, ceurik nyaan nandangan panyiksa nu luar biasa rarasaan teh. Malah sok nepi ka kabawa sare ceurik teh, sok kagundam-gundam.
Sakalimangsa pasosore, hujan gede, tapi teu nepi ka ayer-ayeran. Jukut di buruan pasti ngumplang ku cai. Jempol pisan dipake maenbal, mun sliding tackle teh teu aringgis bared! Malah lamun gebru labuh ge, tibatan nyeri mah kalah beak kasuka, mana didago-dago pisan tijongklok kana cai ngumplang nu didadamparan ku jukut teh. Orokaya ayeuna… leuh batur mah ayeuna teh keur nganteur pangaresep. Sedeng kuring? Ukur anjeucleu dina sadel motor bapa nu disetandarkeun di teras, anteng ngabandungan bari kabita. Ukur pipilueun seuri mun babaturan nyaleungseurikeun nu rek nyepak kalah tiseureuleu. Biwir seuri soteh, da hate mah ceurik. Kuring hayang huhujanan siga maranehna.
Bapa norojol nanggeuy piring eusi pisang goreng buatan ibu. Kurunyung adi nuturkeun mawa citeh manis haneut. Kuring teu ngengkekeun deui pisang goreng jeung citeh manis haneut teh. Padahal kuring ayeuna mah keur teu butuh ku hahaneutan, Kuring mah hayang titirisan, kabulusan nepi ka pareot dampal leungeun. Awak ngahodhod katirisan, tapi hate haneut ku kasuka maen bal jeung babaturan.
Sigana bapa keur mencrong tukangeun. Asa karasa paneuteupna eunteup kana tonggong. Kuring ngahajakeun nembongkeun pamolah elekesekeng teu genah cicing, nembongkeun kakesel jeung kabosen ngajejentul wae kieu. Ngarah kahartieun.
“Maneh hayang huhujanan?” pokna.
Kuring bingung pijawabeun, mana cicing we. Keun sina susaheun ngabandungan anakna murukusunu, saha pijalmaeunana nu teu hayang anakna senang.
“Jig kadituh… tapi salin heula ku seuseuheun!”
Ngadenge kitu teh kuring ceuleumeut, tapi gancang ngolesed bisi bapa robah deui manten pikiranana. Telenjeng ka jero imah, ngajewang kaos tina wadah seuseuheun, gurudug kaluar deui bari nyeker, nyorang hujan nu caina karasana teh haneut areunteup kana kulit. Babaturan ngabageakeun kalawan gepyak, karasana kana hate jauh leuwih haneut tibatan cai hujan pangbagea teh. Kuring tiseureuleu tujuh kali, kuring ngagolkeun tilu, kuring seuseurian mangjuta-juta kali.
Peutingna kuring mangsar-mingsir. Bakal dicarekan kitu? Tapi henteu. Kuring diantep ngapalkeun sorangan.
Malah ti saprak harita mah kuring tara kungsi dicurum-caram deui huhujanan. Hate mah heran, naha bapa make jadi ngahempekkeun kuring huhujanan?
Hiji poe kakara kaharti. Harita ge hujan. Bapa ngajak kuring kaluar. Kuring huhujanan jeung Bapa…! Kuring ngagero jero hate, asa percaya-asa henteu.
Kuring dititah ngajingjing ember, ari bapa mawa kecrik jeung sair. Kuring diajak ka balong, balong leutik nu dipelakan lauk emas, gumare jeung lele. Bapa ngagedig satengah lumpat, siga nu paheula-heula jeung guruhna guludug. Sabenerna kuring mah hayang berebet weh lumpat, ieu adrenalin mani leb-leban teu sabareun.
Barang srog ka balong, kuring ngagebeg nenjo balong limpas, malah caina geus rata we jeung cileungcang sakurilingeunana. Kamalir pamiceunan cai, ngamalirna malik ka balong. Laukna merdeka, malabur ka mana-mana sakahayangna, patingsoloyong sakurilingeun balong, patingkurumuy dina sesela jujukutan, patingkocepat seseleket kana canir, terus kalabur ka susukan.
Kuring teu ngadagoan dititah. Lauk teh ditewakan, diasup-asupkeun kana ember. Geus mahir newakan lauk teh, ti saprak sok sering bolos sakola agama pasosore pileun ngadon kokojayan bari ngala lauk di walungan. Sigana bapa ge apaleun, mana ayeuna ngajak ge.
Bapa gura-giru memener tambakan nu cur-cor balocor, satekahpolah mendet cileungcang nu patinggalewor ka balong. Hate kuring mah make aya atoh sagala, jaba huhujanan jaba newakan lauk atuda.
Bapa angkag-ingkig mapay kamalir pamiceunan cai nu panjangna kurang leuwih tilu puluh meter, lawang kamalir nu jangkungna satuur teh dipasangan kecrik, ngahadang lauk nu keur marijah saruka-bungah. Kuring mah jongjon we ngagarap inisiatip kuring, newakan lauk. Geus kitu bapa ge nurutan newakan lauk, disairan. Lauk dina ember mani geus pasesedek. Bapa nitah mawa deui ember.
Nepi ka meh magrib, kuring jeung bapa masih keneh pak-pik-pek masangkeun kecrik lebah galeng tambakan nu balocor teh.
Peutingna, ibu nyereces ngagoreng lele, lauk emas jeung gurame. Geus beres brak ngariung. Rengse ngariung, bapa ngasongkeun pel, “Meh teu rieut” pokna.
Perbawa ubar jeung cape tayohna, kuring pangheulana pules. Ngimpi ngalaman deui kasukaan nu cikeneh karandapan. Kasukaan nu maheut nepi ka kiwari, pageuh ngageugeuh galeuh katineung.
Ti harita mah mun hujan ngagebret teh bapa teu kudu ngarasa melang, ka balong. Mun pareng mulang ti kantor kapegat hujan ge, senang we ngiuhan, teu hariwang balong limpas. Pan tugasna geus dioper ka kuring.
Anteng naker kuring ngalamun teh. Motor geus mucicid, tapi lelembutan kuring mah kalah haneut, kahaneutan ku katineung ka jaman keur budak. Motor terus ngageuleuyeung. Barang nepi ka salahsahiji parapatan di jalan nu pangpanjangna sakota Bandung ieu, motor ujug-ujug ngayented, ngendoran ku maneh. Suku duanana nu neken kana step kenca-katuhu karasa kakeueum ku cai. Gusti… geuning jalan teh geus ngumplang!
Kuring molohok. Jalan sesek ku mobil nu pateteep teu bisa laju. Motor paraeh ditaruntun ku nu numpakna. Klakson patingteretet asup kabeh kana kekendangan.
Ku kaayaan kieu teh, lamunan malabur. Motor ngalunted, katingker ku jalan walungan atawa walungan jalan. caina lecek jeung kaangseu bau. Beda jeung cai balong bapa nu herang-canembrang, katarembong lauk nu salayang-soloyong ge. Ban motor gejed ku rupa-rupa sarah nu nyarangsang: palastik, lalamakan, jeung sagalarupa, puguh deui elod mah. Botol plastik rabeng patarik-tarik jeung klakson.
Kuring nyelap dina antayan macet. Cai geus semet tuur. Kuring teu bisa kumaha, pipilueun nyurung motor, iring-iringan jeung batur. Sawareh kendaraan teh maralik deui, atuh teu wudu beuki parna macet teh ku mobil nu malang-mulintang. Lalulintas beuki kusut. Hate kuring nu tadi mah haneut ku katineung ka jaman keur budak, ayeuna mah karasa bayeungyang ku kaayaan, sanajan awak mah raribeg.
Kuring angger ngahunted lebah parapatan. Katingker keneh ku walungan jalan atawa jalan walungan tea. Ayeuna mah seahna hujan teh geus teu kadenge, katimpah ku sora patingcorowokna jelema. Padahal hujanna mah beuki ngagebret, cileungcang beuki karasa nyeotna kana suku. Motor beuki susah dibawa ingkah. Ku kuring disurung dipengkolkeun, rek neangan tempat parkir. Bangga, taya pisan lolongkrang pikeung mengkolkeun-mengkolkeun acan. Gusti… nepi ka kieuna iyeuh!
Kuring nyawang ka beulah kidul, banjir kacirina leuwih badag. Pantes da leuwih handap lebah dinya mah. Sakur kendaraan kacirina teh geus teu bisa pisa n obah. Ngajarentul. Jelemana mah teu katarembong… na ka marana nya? Kuring disidik-sidik, tina sesela gebretna hujan kaciri sihoreng jelema teh mareped ka sisi jalan, neangan tempat nu rada luhur, cul we motor jeung mobil mah.
Teu kungsi lila, burudul teh jelema ti beulah kidul, nuju ka lebah kuring. Beuki lila beuki rea. Maraksakeun ngarayap, papalawan jeung palidna cileungcang nu mingkin gede jeung mingkin nyeot. Anggangna aya kira-kira saratus meter mah ti lebah kuring teh. katembong cai teh geus sahandapeun cangkeng. Nu ngabring teh saurang ge taya nu lengoh, awewe ngarais budak, lalaki aya nu ngagotong kulkas, nu manggul tipi, nu manggul kasur, naon we. Jelema teh paheula-heula muru tempat nu rada luhur, neangan kasalametan diri jeung anak-bojona. Imah mah diculkeun we kakeueum. Beulah dinya mah jalan teh geus bleg we walungan.
Kuring ngajanteng keneh. Pikiran ngapung ka lembur, di lembur mah hujan sakumaha gedena ge tara kungsi nepi ka ngarobah jalan jadi walungan. Sakumaha gedena ge cileungcang tara nepika pinuh ku sarah siga kieu. Jeung sakumaha gedena ge hujan, kuring jeung bapa tara tangka rariweuh nunungtun ibu jeung adi. Malah apan di lembur mah hujan teh jadi bahan kasukaan nu taya babandinganana.
Kuring anteng ngajanteng bari ngahuleng. *** Ku Lutfi Adam
Tidak ada komentar:
Posting Komentar